Basa Sunda, Basa Urang Saréréa

Written on 01.11 by Unknown

Indonésia mangrupakeun hiji nagara anu euyeub pisan ku budaya daérah. Kaasup tina aspék basa, kurang-leuwih aya kana tilu ratusan basa daérah nu sumebar di Nusantara. Basa Sunda, nyaéta basa indungna urang Sunda. 21 Pébruari 2012 kapengker, basa Sunda resmi janten salah sahiji basa indung anu aya dina daptar UNESCO anu baris dipiéling sacara internasional. Numutkeun catetan UNESCO, basa Sunda aya dina urutan ka-32 tina 6.912 basa daérah anu dicatet ku UNESCO. Basa Sunda, anu ayeuna panyaturna kurang-leuwih 27 juta jalmi tina 44 juta urang anu dumuk di Jawa Barat.

Ayeuna nu janten pasualan téh nyaéta naha urang salaku para nonoman kaasup tina 27 juta jalmi anu tos disebatkeun diluhur? Leres yén basa Sunda kaasup kana mata pelajaran Mulok (Muatan Lokal) anu diajarkeun ku bapa-ibu guru ti kawit SD/MI, SMP/MTs, dugi ka SMA/MA sadarajat. Tapi, dina kahirupan sadidinten mah nu karaos ku panulis, seseeurna mah para nonoman téh leuwih parigel nyarios basa Indonésia tibatan nyarios ku basa indung, nyaéta basa Sunda. Kaparigelan dina nyarios basa Indonésia atanapi basa asing anu populér sapertos basa Inggris sanés kasalahan atanapi kakurangan, tapi kaparigelan dina dua basa éta henteu ngajantenkeun basa Sunda salaku basa indungna urang Jawa Barat janten ngurangan panyaturna.

Ari basa, salah sahiji cara supaya hiji basa tetep aya, éta basa kedah teras-terasan digunakeun. Utamina dina kahirupan sadidinten. Dina tata basa Sunda, aya tingkatan-tingkatan basana. Basa anu digunakeun ka sasama tangtu bénten sareng basa anu dianggo nyarios sareng sepuh atanapi sareng ka nu sahandapeun. Tingkatan-tingkatan ieu anu kadang-kadang ngajantenkeun urang sok rada ngaraos kagok dina nyarios nganggo basa Sunda, jalaran isin upami nganggo basa anu henteu samistina sok sieun dipandang henteu ngagaduhan tata krama anu saé.

Padahal, éta pamadegan téh kacida salahna. Da ari dina diajar mah pasti aya waé salahna, komo kapan urang mah salaku manusa henteu leupas tina salah, tapi sasalah-salahna manusa pasti aya waé benerna. Sabab, urang téh sanés malaikat anu salalawasna bener, atanapi iblis anu salalawasna aya dina kasalahan.

Lintang ti kitu basa mangrupakeun salah sahiji asét budaya anu kacida pentingna, lantaran basa, janten salah sahiji ciri has hiji daérah anu bisa nunjukeun asal muasalna hiji jalma. Urang sadaya salaku para nonoman Sunda kedah tiasa mertahankeun basa Sunda janten salah sahiji asét budaya sareng pariwisata.

Basa Sunda, sanés nu urang Inggris atanapi Amérika, tapi nu urang Sunda, basa urang saréréa salaku urang Sunda. Panulis ogé henteu ngangken atos tiasa ngalarapkeun basa Sunda anu leres, kukituna hayu urang salaku nonoman urang sami-sami ngamumulé basa Sunda, supaya basa Sunda tetep hirup dugi ka ahir dunya.

If you enjoyed this post Subscribe to our feed

No Comment

Posting Komentar

Sabtu, 02 Maret 2013

0 komentar:

Posting Komentar